Welcome to Silat Perisai Diri USA. If you belong to the PD organization, please put your rank, status and location in your message. If you are a PD instructor please write the number of your students. Silat Persai Diri is a peaceful organization. All races and beliefs are accepted. We do not accept bad attitudes nor bad actions. Be humble in your words.
Posted by Kang Yana
![]()
on 11/7/2007, 4:05 am
66.167.246.10
NEULEUMAN IDENTITAS BASA DI BANTEN
Written by W. Chudory Ch
Saturday, 20 October 2007
Lamun urang ngaca kana carita Nabi Adam As keur mimiti dihirupan ku Gusti Allah, anu pangheulana diajarkeun ku Gusti ka Adam nyaéta dibéré nyaho sagala basa. Sanggeus kitu, Adam salaku pungpuhunan kabéh jelema bisa ngalakukeun komunikasi. Teuteureuh Adam sa-alam dunya nepi ka kuari dibéré bekel kaistiméwaan, nyaéta tutur basa. Tah ti harita kabudayaan jeung peradaban jelema mimiti ngabentukna, sanajan bari jeung clingclang. Kusabab kitu, perjalanan saterusna ti bangsa manusa ieu ngajadikeun prilaku kahirupan anu ngajadi golongan-golongan. Ieu dilantarankeun ku mangrupa basa anu diwariskeun ku Adam téa. Sanggeus kitu di mana-mana culcol kabudayaan jeung peradaban bangsa manusia. Urang pasti mupakat, hasil tina kabudayaan nyaéta kasenian. Salian ti éta urang géh mupakat téknologi anu kuari ting jalegir, éta téh ‘produk’ tina peradaban manusa. Kusabab kitu, antara kabudayaan jeung peradaban kabentuk tina basa anu dipaké ku unggal jelema. Sabab anu disebut basa éta téh tetengger hiji bangsa. Kitu ogé, karakter anu ngancik dina batin anu nyicingan wewengkon salah sahiji bangsa, tangtuna diwujudkeun ku anu disebut basa. Sabab dikukumahakeun géh nu ngarana basa mah, pastina jadi cicirén hiji daérah atawa wewengkon. Dina tuturus ieu urang rék tatanya, apan Banten éta hiji wewengkon anu sacara nyata ngabogaan karakter. Sabab dikukumaha géh Banten nyaéta hiji daérah anu ngabogaan rahayat jeung kultur anu jadi ciciri. Salian ti jinis kasenian, tangtuna dina hal ieu nyaéta basa anu dipaké ku urang Banten. Sabab kukumaha géh anu disebut basa bakal ngabentuk kaperibadian hiji daérah. Lamun nuturkeun kana urut napak tilasna wewengkon Banten baréto, salian tina kulturna ogé tina basa lolobana urang Banten moal bisa dipisahkeun ti basa dayeuh, nyaeta Sunda. Sabab sabagian urang Banten loba nu ngagunakeun basa Sunda, anu kasebut basa urang priangan téa. Nya kaayaan kieu teu bisa ditolak, kusabab kitu kanyataanana. Di Banten géh ayeuna basa Sunda henteu dipaké ku urang Banten kabéh. Aya sababaraha daérah anu masarakatna teu makéan basa Sunda, saperti di Sérang bagian kulon ogé kalér, Cilegon di ampir sakabéh wilayah jeung di sababaraha tempat di Tangerang. Anu dipaké ku penduduk wilayah tadi nyaeta basa Jawa Banten. Basa Jawa Banten ieu geus ngancik ti jaman Kasultanan Banten baheula. Basa Jawa di Banten éta beda jeung basa Jawa nu aya di bagian Jawa Tengah. Sedengkeun anu ngagunakeun basa Sunda di Banten, nyaéta lolobana di wewengkon Banten pakidulan. Utamana di Kabupatén Pandeglang jeung Lebak, salian ti éta aya di Sérang Wétan, sabagian Tangerang jeung sababaraha daérah di Cilegon. Karagaman basa nu aya di Banten ieu, lain rék ngajadikeun pagedé-gedé hulu atawa pagagah-gagah antara kolompok nu ngabogaan basa, tapi bisa ngajadikeun ciri kaistimewaan kabudayaan nu aya di Banten. Bisa ogé ngajadikeun khasanah kakayaan keur urang Banten sorangan pikeun ngabogaan identitas aslina. Ngeunteung Napak TilasLamun diguar deui asal usul dua basa nu aya di Banten, jelas caritana béda. Lamun basa Jawa nu aya di Banten, bawaan ti jaman Kasultanan Banten. Asal muasaIna ti Cirebon, dimimitian ku Sunan Gunung Jati, salaku konséptor Kasultanan Banten. Sedengkeun anu ngajalankeun pamaréntahan kasultanan nyaéta putra-putrana, mulai ti Sultan Maulana Hasanuddin, basa nu digunakeun ku urang Kasultanan waktu harita nyaéta basa Jawa Cirebon. Sedengkeun asal basa Sunda ieu nyaeta bawaan ti Priangan, jaman Karajaan Pajajaran. Sabab kukumaha géh jelema asli nu aya di Banten awaIna nyaéta rahayat tina hiji Karajaan Pajajaran. Kuari rahayat asli Pajajaran anu masih kénéh aya tur can kacampuran ku suku lian, nyaéta aya di Rawayan (Baduy) nu aya di daérah Leuwidamar Kabupatén Lebak. Urang Rawayan mah nepi ka ayeuna masih ngagung-ngagungkeun raja Pajajaran, anu katelah Prabu Siliwangi. Lamun nénjo kana sajarah tadi, urang Sunda téh sabenerna bangsa nu pangkolotna di tanah Jawa. Ditilik tina kayakinan nu dipake, urang Sunda can nyorang ngageum igama Hindu atawa Budha, jiga urang Jawa Tengah atawa Jawa Timur. Urang Sunda ngabogaan idéologi sorangan, nyaéta kapercayaan Sunda Wiwitan, saperti nu ayeuna dianut ku urang Rawayan. Robahna kabudayaan éta kulantaran loba faktor, nyaéta faktor révolusi idéologi, pulitik kolonialismeu, pulitik paska kamerdékaan anu ngalahirkeun perkembangan peradaban. Saperti datangna penyebaran Islam nu dibawa ku wali sanga, anu ahirna nimbulkeun révolusi idéologi nu nepi ka Tatar Sunda. Salian ti éta, muncuIna bangsa Eropa saperti Portugis jeung Walanda nu maksakeun pulitik devide et impera, anu ahirna ngabentuk jati diri saperti ayeuna, salian ti éta ditambah ku transisi perubahan pulitik réformasi jeung otonomi daérah nu kuari. Kusabab kitu, proses neuleuman jati diri basa urang Banten, moal leupas tina tali sajarahna. Lamun ditanyakeun naon ari idéntitas budaya jeung basa urang Banten, jawabanna nyaéta aya dina sajarah anu geus tumiba ka bangsa nu aya di Tatar Banten baheula. Sanajan kitu anu pasti moal sarua jeung urang Jawa. Basa Jawa nu aya di Banten pastina béda jeung nu aya di wewengkon aselina nyaéta Jawa Tengah. Kitu ogé basa Sunda, pastina moal sarua jeung nu aya di Priangan. Basa Sunda nu aya di Banten leuwih kasar tur garihal, ciri nu éta geus ngabédakeun tina karakterna ogé budayana, sabab éta téh hiji ciri anu sabenerna basa tur budaya Banten.*** Nu nulis, wartawan koran poéan di Banten
Message Thread:
![]()
« Back to thread
Welcome to Silat Perisai Diri USA.
If you belong to the PD organization,
please put your rank, status and location in your message. If you are a PD instructor
please write the number of your students.
Silat Persai Diri is a peaceful organization.
All races and beliefs are accepted.
We do not accept bad attitudes nor bad actions. Be humble in your words.